Jumat, 17 Agustus 2018

Resép Soto Bandung


Resép Soto Bandung

Bahan:
750 gram daging sapi
2 ltr cikaldu (panggodogan daging)
50 gr kacang kadelé
3 cm jahe, geprék
2 btg séréh geprék
2 sdm kecap amis
lobak 1 siksik ipis
2 sdm kaldu rasa sapi
Bungbu direndos :
10 siki bawang beureum
8 siki bawang bodas
1 sdt uyah, 1/2 sdt pedes
Puruluk:
siksik bawang daun, siksik saledri, bawang goreng, sambel

Resép Soto Bandung

Ngadamelna:
1. Kadelé dikeueuman salami 1 jam, tuuskeun. Panaskeun minyak goreng. Goreng
singka asak. Angkat, tuuskeun.
2. Godog daging dugi ka hipu. Cai panggodoganana tong dipiceun. Keureutan
kumaha kahoyong. Biasana mah potong dadu.
3. Panaskeun minyak goreng, goreng bungbu nu tos lemes direndos dugi ka
seungit. Lebetkeun kana cikaldu. Getrekkeun. Lebetkeun daging + siksik
lobak, kaldu rasa sapi + kecap. Getrekkeun. Angkat
4. Purulukan siksik bawang daun, siksik saledri, goreng bawang sareng kadele
goreng + sambel.




Tidak ada komentar:

Posting Komentar